Rorompok Ambu Bagja

Curat-coret

Blog EntryKanyaah Engkang keur EnungJan 16, '07 10:52 AM
for everyone
Hate ngaleketey basa nampa ondangan ti Enung. Uleman ping 15 Agustus 2003. Emh, geuning Enung ninggalkeun Engkang? Teu kungsi nyaho sanggeus urang megatkeun asih jeung katineung. Teu kungsi deui urang macangkrama boh ngaliwatan sms. Nyaho-nyaho bieu saprak aya Pa Pos ngetrok panto imah.

Asa nembres kana jajantung, Nung. Teu nyaho-nyaho geuning Enung rek jatukrami? Jeung Engkang ge teu nyaho saha atuh nu bisa ngaruntagkeun hate Enung? Nepi ka Enung leah daek dipihukum ku manehna?

Emh, Nung! Mun seug Enung nyaho, kumaha hate Engkang ayeuna? Mun hate Engkang mangrupa keretas, asa dijojoet, Nung!

Enung, geulis!
Rek jeung saha atuh Engkang ayeuna? Nalika nepi ka ayeuna Engkang can bisa mopohokeun Enung, Engkang can bisa meunangkeun gaganti Enung.

Ceuk Enung cenah lalaki mah teu meunang ceurik, tapi ari kieu-kieu teuing mah, Nung.. Asa disasaak hate teh.

Engkang nyaah ka Enung, hese pikeun Engkang neangan gaganti nu jiga Enung.

Nung..
Engkang geus teu bisa deui nyarita. Ngan ukur cipanon nu nyurucud nyakclakan ngalembereh na pameunteu Engkang.

Blog EntryjenuhJan 16, '07 10:27 AM
for everyone
wayah kieu ngeunahna naon nya? asa bararosen kieu ieu teh.. keur datang jenuh........

Blog Entrycopet dina angkotSep 14, '05 4:39 AM
for everyone
Pasosore kira-kira jam 5an, jajap pun biang ka bumina lanceuk
beuteung di Cikuda (beh ditueun Unpad). Pas geus adan magrib buru-
buru ngajak pun biang wangsul, da bisi poekeun manten. Niat rek solat
magrib di rorompok bae. Nya megat angkot, angkot nu dipegat teu
eureun, da cnah tuh aya angkot nu nungguan (si angkot nu nungguan teh
mundur), da uing mah teu nyaho aya angkot eta.. Nya kapaksa naek
angkot nu nungguan tea, angkot teh kosong, ngan uing jeung pun biang
wungkul panumpangna. Uing diuk di deukeuteun panto (korsi nu keur
5aneun, pun biang di korsi nu keur 7aneun tukangeun supir.
Kakara maju (lebat Sukawening), aya deui nu nyetop, budak awewe
nyolendang kantong, nempo dedeganna mah jigana mahasiswi, diukna di
korsi nu 7aneun tapi teu pas pojok, tukangeun budak awewe eta
jandela.. Nya panumpang teh jadi 3an. Ari lebah SMP, aya nu nyetop,
lalaki 4an, marawa kantong ransel tapi kacirina mah ranselna euweuh
eusian. Ari eta lalaki diukna teu ngarendeng.. menclak-menclok, aya
nu digigireun pun biang (hareupeun uing), aya nu juru gigireun budak
awewe, aya nu gigireun uing tapi jauh beh ditu (pojok), jeung hiji
deui diukna di korsi cadangan deukeut panto, nu nukangan supir. Dina
leungeun kenca kabeh lalaki teh masing-masing nyekel duit Rp 1000,-
tapi leungeun katuhuna arasup kana kantong, nu kaciri pisan mah nu
diuk di korsi cadangan, jiga nu rek ngahalangan uing jeung pun biang.
Ti saprak naraek ge, uing geus nempo galagatna nu hareupeun, jeung nu
diuk na korsi cadangan, maranehna maen mata.. Ari pun biang mah hare-
hare teu apal nanaon, da ningalina teh ka supir we, nukangan si copet
dihareupeun uing. Rumasa teu mawa nanaon, ngan ukur mawa duit 6500
perak, na saku kenca 5000, na saku katuhu 1500 (ngahaja dipisahkeun
nu 1500 mah keur mayar ongkos 2aneun), harita teu mawa hp, jeung teu
make nanaon, ngan make teh cincin kawin uing nu dina lingkarang
jerona aya ngaran salaki jeung ngaran uing.
Geus inget ka Gusti Alloh jaba geus degdegan, anu pojok mimiti rek
maok budak awewe eta, carana, leungeun kenca api-api rek mukakeun
jandela, bari api-api hararese mukakeun jandelana teh, ari leungeun
katuhu ngopepang kana kantong si budak awewe, salahna kantongna teh
kalah disolendangkeun weh ditukangeun bujurna, pan kuduna ari diuk na
angkot mah si kantong teh na lahunan urang. Uing geus rurat-reret
kadinya, da geus curiga, nu hareupeun uing nyaho yen uing nempoeun
aksi babaturanana, nya nu diuk dina korsi cadangan dititah pindah ka
gigireun uing, carana ku maen mata tea. da kaciri ku uing oge. uing
mah teu ngiser-ngiser, cicing we dideukeuteun panto. Si nu pindah ka
gigireun uing teh langsung ngahalangan ku kantongna, meh uing teu
bisa nempo nu keur mawa eusi kantong si budak awewe. Ti dinya uing
geus beuki ratug. Si budak awewe hare-hare teu nyaho nanaon, geus
ngaliwat ka nu rame, saacan Unpad, langsung uing ngagorowok "KIRI!",
ari pun biang nanya "Naha bet eureun di dieu?" uing ngajawab, "Hayu
enggal lungsur!" ka pun biang teh. Keclik uing turun tina angkot,
disusul ku pun biang, ari nu gigireun uing ge langsung turun sarua.
Nu sejenna mah teu tarurun.. Bari leumpang tuluy, da sieun
dituturkeun ku copet nu turun tea. Buru-buru we leumpang tuluy, bari
nuyun pun biang. Daerah Unpad keur rame-ramena ari wayah kitu mah
biasa. Bari leumpang, uing ngadongengkeun nu kaciri ku uing tadi dina
angkot, jeung pangna uing turun didinya.. Pun biang ngadegdeg ari
geus dicaritakeun mah.. Tuluynamah leumpang we tuluy, teu naek angkot
deui ka rorompok teh, da sieun dituturkeun ku si copet nu turun tea.
Teuing kumaha nasib si budak awewe nu dicopet teh, mani asa dosa teu
ngabejaan si budak awewe eta....
Nepi ka imah, hah-heh-hoh.. ngoprot kesang balas leumpang bari
kareureuwasan.. Mun teu buru-buru turun sieun si budak awewe turun di
Unpad, tuluy engkena uing jeung pun biang nu jadi sasaran ditodong..
Naudzubillahhimindzalik..

~ipup~

(Jatinangor, 13 September 2005)

Blog EntrysasajakanAug 3, '05 5:15 AM
for everyone

From: "Puspita Widyamulya" <pupi@b...>
Date: Thu May 20, 2004 2:55 pm
Subject: s j k

mangsa
harita
munggaran
tepung

.
.
.

e-mail
komputer

.
.
.

aya
rebuan
kecap
nu
geus
kedal

.
.
.

tina
hate
ditulis
jadi
kalimah
nu
dikirim
kana
e-mail
anjeun



~pupi~
Segar, Mei 2004


 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

From: "Puspita Widyamulya" <pupi@b...>
Date: Thu May 20, 2004 3:31 pm
Subject: s j k d i

rebuan cimata
mendet dina kongkolak panon

lila lila budal teu kawadahan
clak, clak

ngeclak sakeclak-sakeclak
tina juru panon ngalembereh
nepi ka beakna
gumantung rasa hate jeung waktu
bisa mangjam-jam
bisa ngan ukur memenitan

hate jeung panon,
siga nu silih harewos
mimitina nu hayang ceurik teh hate
ngan naha panon teu merean?

hate mah ngan ukur ngarasakeun
ari nu ceuriknamah panon..

geus aya babageanana.....


~pupi~
Segar, Mei 2004


Blog Entryhui cilembuAug 3, '05 5:13 AM
for everyone

HUI CILEMBU KASOHOR ALATAN SUPATA

Mun ngaliwat ka jalan Bandung-Cirebon, geus kaluar ti arah Bandung, ngajegir wangunan kampus paguron luhur nu kahot di Jawa Barat (STPDN, Unpad, Unwim, jeung Ikopin).

Saacan Cadas Pangeran aya puluhan kios nu ngajajar sisi jalan, daragang oleh-oleh jeung aya plang ‘Hui Cilembu Asli’, tapi teu didinya bae geuning, dalah di Nagreg jeung di Cikampek, nu daragang hui teh ngakukeun ‘Hui Cilembu Asli’ maksudnamah hayang daganganna ledis kajual, geus lain rusiah umum deui nyaplok merek teh di nagara urang mah.

Cék cénah, aya carita ngeunaan hui Cilembu teh. Ieu carita numutkeun Pa Sulaeman (70 taun) jeneng lebe di desa Cilembu, kacamatan Pamulihan kabupaten Sumedang. Kieu caritana, aya aki-aki ngarupakeun musafir, aki-aki teh ngakukeun keur ngumbara. Anjog ka lembur eta, kusabab hayang nginum da karasa halabhab, si Aki menta cai ka masarakat didinya. Euweuh nu nolih, pada hare-hare bae. Ningali kitu, si Aki indit bari ngomong "Hese cai keur nginum-nginum acan didieu mah", kalimah ieu dipercaya ku masarakat Cilembu mangrupa supata nepi ka kiwari di ieu wewengkon sering pisan hese cai keur nginum.

Saacan ninggalkeun kampung Cilembu, si aki nyampeurkeun patani nu keur ngolah sawahna. Si Aki nyarita mun anjeunna teh keur ngumbara jeung hayang nginum bakating ku halabhab.

Patani teh teu sulit ati kawas urang lembur sejen. Nya nyuguhan cai jeung bubuy hui ka eta aki-aki.

Si Aki gumbira. Salian nganuhunkeun oge ngomong kieu "Ngeunah pisan geuning bubuy hui teh". Dua kalimah nu diluhur geus jadi mitos pikeun masarakat Cilembu, sakalina aya kanyataan nu miboga konotasi negatif jeung aya oge konotasi positifna.

Dumasar kana eta kapercayaan, nu ngalegenda ti saabad katukang, si Aki teh nyaeta Pangeran Aria Soeriaatmadja, Dalem (Bupati) Sumedang (1883-1919), nu keur nyamur rek nempo kana kahirupan masarakatna. Lain ngan saukur warga Cilembu wungkul nu percaya kana kasakten Pangeran Aria Soeriaatmadja teh, dalah warga Sumedang sejenna ge loba nu percayaeun. Ceuk sesepuh di Sumedang mah, Pangeran Aria Soeriaatmadja teh; "saciduh metu, sakecap nyata".

Nu jadi ciri has hui Cilembu, seungit jeung rasa nu amis kareueut saperti rasana madu.

Wallohu’alam bissowab

~pupi~

(Meunang narjamahkeun tina Koran PeeR, poe Rebo 22 Oktober 2003 hal 1)


Blog Entrysasakala Ranca OnomAug 3, '05 5:12 AM
for everyone

RANCA ONOM

Onom nyaéta sabangsa lelembut nu ngageugeuh di hiji ranca nu legana 947 ha, nu dingaranan Ranca Onom. Sing saha jalma teu meunang sompral, sabab sok aya waé mamalana. Kitu ceuk carita urang Banjar, Ciamis. Urang Banjar mah nyebut Onom téh lelembut sabangsa siluman. Siluman nyaéta sebutan keur sabangsa lelembut nu asalna manusa biasa, tapi kusabab ngahiang, tuluy jadi lelembut, nya disebut siluman téa.

Nepi ka taun 1942, wewengkon kacamatan Purwaharja téh katelah kampung siluman. Naha bet disebut kitu, sabab batur mah nganggap yén éta kampung téh kaasup wewengkon kakuasaan bangsa Onom.

Kacaritakeun, bangsa onom baheula boga karajaan nu ngaranna Pulo Majeti, nepi ka ayeuna wilayah nu ngaranna Pulo Majeti masih tetep aya. Loba nu ngadon jarah ka éta tempat. Loba ogé urang luar Pulo Jawa.

Mun ditingali ku mata biasa, Pulo Majeti téh mangrupa sakumpulan pulo ditengah-tengah Ranca Onom. Tapi keur jalma-jalma nu boga élmu kabatinan mah éta téh mangrupa hiji karajaan. Ceuk Pa Omod (kuncén Pulo Majeti) nyebutkeun yén nu boga kakuasaan di karajaan Pulo Majeti téh nyaéta Prabu Selangkuning. Garwana nyaéta Ratu Gandawati. Eta prabu téh dibantuan ku para ponggawana, nyaéta Patih Kalintu jeung abdi dalemna diantarana Mas Bugel, Ki Bedegel, Ki Rimpung, jeung Mas Jemblung. Maranéhna nu nyumponan kahayang jeung paménta nu jarah kadinya. Tujuan nu jarah jeung tapa di éta tempat biasana ménta berekah, hayang kacumponan sagala cita-citana, hayang boga jodo, hayang boga pagawéan, nepi ka aya nu hayang anakna sangkan lulus ujian. Tapi jarah ka Pulo Majeti dilaksanakeun kudu bener-bener, jeung dilakonannana kudu tarapti tur sopan. Mun aya nu boga sipat gede hulu, bakal aya mamalana. Kitu anu karandapan kunu jarah mah. Kungsi aya anu datang tapi teu percaya kana hal-hal goib Pulo Majeti, ujug-ujug aya kaahéngan, kungsi aya nu lulumpatan sabari kawér-wéran, cenah mah aya sato nu rupana anéh ngungudag manéhna. Ari katingalina ku nu séjén mah da euweuh nanaon. Aya deui kajadian séjén, wanci peuting keur poék mongkléng, ujug-ujug hujan ngagebrét, jeung kilat patinggurilap. Tapi teu lila tidinya, hujan raat jeung baju sakabéh nu jarah ngadadak garing siga nu teu keuna ku cai urut hujan bieu.

Cenahmah karajaan bangsa Onom téh dipihormat ku aparat Pemda Kabupaten Ciamis. Percaya atawa henteu, sababaraha waktu katukang, lamun Pemda rék ngayakeun kariaan, saperti HUT Kabupaten atawa HUT-RI, ti sababaraha kalangan nu diondang, bangsa onom gé diondang.

Nepi ka taun 1980-an, dina acara-acara kariaan husus, panatacalagara kungsi nyiapkeun hiji kuda nu geus dihias. Eta kuda téh dibawa karnaval dina kaayaan kosong euweuh nu numpak. Tapi anéhna, kuda téh siga nu capéeun siga nu geus mawa panumpang. Ceuk cenah, éta kuda téh ditumpakan ku bangsa onom.

Di lingkungan pendopo ogé disadiakeun rohangan husus pikeun "ondangan husus". Di éta rohangan geus disiapkeun sagala rupa kadaharan ogé pakéan awéwé jeung pakéan lalaki. Ceuk kolot nu nyaho tata carana mah mun aya hal-hal ahéng, singsaha jalma nu nyaho, tong aya nu geruh.

Ari ceuk carita nu aya di masarakat, asal-muasalna bangsa Onom téh nyaéta kieu, Prabu Selangkuning, nu ayeuna ngageugeuh Karajaan Pulo Majeti, baheulanamah manusa biasa. Anjeunna téh patih kapercayaan Karajaan Galuh. Ku Raja Galuh, dititah ngawangun wewengkon anyar di daérah Pulo Majeti. Patih Selangkuning nyaluyuan éta paréntah, nu tadina Pulo Majeti téh ranca, ahirna diwangun jadi karaton nu agréng. Tapi, Selangkuning henteu mikeun hasil karyana ka Raja Galuh, nya manéhna ngangkat dirina jadi raja di karajaan Pulo Majeti. Selangkuning nyingkiran pacogrégan jeung Karajaan Galuh. Nepi ka ahirna Prabu Selangkuning ngajak rahayatna pindah ka alam séjén. Nyaéta nu ayeuna disebut bangsa onom téa.


Blog EntrycarponAug 3, '05 5:10 AM
for everyone

SENAM

Ku: D. Sugar

"Pa, mamah milu nepi ka Perum nya!" ceuk indungna barudak. Manehna saged hareupeun kuring bari mamawa kantong.

"Na rek ka mana kitu?" cekeng rada heran.

"Senam", tembalna pondok.

"Nya hayu atuh sakalian!", kabeneran harita kuring rek sajungjungeun indit, aya pagawean rengsekeuneun saeutik.

Clak manehna diuk tukangeun, motor kuring ngadius kakalerkeun. Di Perum, indungna budak turun, kuring mah terus we ka tempat nu dituju. Ka sakola.

*

"Beu, geuning teu sahulu-hulu acan, sugan geus baralik deui kitu jelema teh?" gerentes hate. Harita sakola keur libur panjang, tapi da kuring geus jangji rek datang poe ieu. Tadina kuring rek masrahkeun potokopi arsip kenaikan pangkat anak buah kuring, Bu Inah jeung Pa Kurdi, guru kelas dua jeung kelas opat, kabeneran duanana teh kakara hudang gering nu rada parna, mani ampir sawaktu. Nya kapaksa ku kuring dipangmawakeun ti Kanwil, geus lila teuing, bisi leungit. Ayeuna arsipna geus aya di kuring,

Kuring nungguan kira-kira saparapat jam, teu embol-embol, euweuh nu datang. Asa teu pararuguh sorangan di sakola bari euweuh gawe, lila-lila mah "ah, rek balik we!" pikir teh, rek sakalian nyimpang heula ka bengkel, ganti oli!

*

Di jalan kuring nimbang-nimbang kira-kira rek ka bengkel mana. Tadina mah rek nu di deukeut imah we ngarah gampang balik, tapi asana di beh Cianting aya bengkel nu olina alus hargana rada miring. Durudud, motor dipengkolkeun ka lebah jalan ka Cianting keun.

"Ke..ke..ke…!", lebah pom bengsin nu kaliwatan bet asa-asa nempo indungna budak turun tina Angkot 04. Kuring hareugeueun, lain tadi teh rek ka Perum cenah. Na rek naon manehna aya di dieu?

Tukangeun angkot eureun aya Katana beureum keur parkir. Panasaran kuring teh. Motor ku kuring dilaunkeun, bari tetep neges-neges indungna barudak. Beuki hemeng, geuning ... kalah asup na mobil beureum nu eureun tea. Malah siga nu geus biasa, diukna di hareup gigireun supir. Teu sidik saha supirna, da kaca mobilna rada poek.

Kuring beuki panasaran, asa kungsi wawuh kana mobil teh. Tapi … yakin lain nu dulur, asa teu boga nu sarupa kitu mah, aya ge, cetna beda. Mobil beureum maju lalaunan. Hareupeun, teu karasa motor kuring milu laun, nuturkeun, bari teu kendat mikiran mobil saha jeung saha nu nyetir gigireun pamajikan.

Sakolebat ku kuring katempo tina sepion mobilna, supirna…. lalaki jeung

asa wawuh! Asa remen nempo mobil eta ngaliwat ka hareupen imah indung kuring di Ciganea.

Bari rada ngalamun, kuring nginget-nginget. Asa wawuh… meureun mana kitu ge urang Ciganea, hartina meureun urang salembur. Teg bae kuring inget ka babaturan SMP, batur salembur nu ayeuna geus jadi sudagar gede. Na enya kitu manehna…. ?

Hate kuring nu ti tadi tagiwur, ayeuna karasa kalah ngagedur. Boa-boa…?

Teu karasa kuring kabawa napsu.

Bari sajongngjongan meper diri, kuring mikir, "Na Gusti teh rek netelakeun ka kuring poe ieu kitu?"

Bari angger rada anggang, kuring nuturkeun mobil. "Rek kamarana? Kereteg hate rada teu ngeunah. Poho kuring rek ganti oli teh, kalah terus we nuturkeun. Di lebah lampu merah, mobil eureun sajongjongan, ku kuring kaciri, supirna celengok-celengok nyium ka pamajikan kuring. Hate ngagedur.

Lebah Cipanas, mobil mere sen rek belok ka hotel "Citra". Derengdeng motor ditarikeun, maksud teh rek nyiap mobil hareupeun tea. Hareupeun, kuring ngenca, reg motor sakaligus dieureunkeun.

Sidik ti hareup mah, sangkaan kuring teh bener, pamajikan kuring nyata duaan jeung …. si Ono. Urut sobat dalit kuring, nu bareto pernah ngabogohan ka pamajikan kuring! Malah sanggeus kuring kawin ge, remen pisan manehna ulin ka imah.

Beu….teu salah, meureun ayeuna mangsana Gusti netelakeun ….! teu nginjeum mata, teu nginjeum ceuli…!

Teu nolih di mobil jeung motor nu pasuliwer, kuring lumpat ka tengah jalan bari ngajega mukakeun leungeun ngahalangan laju mobil nu ditumpakan ku pamajikan jeung Si Ono. Leungit di kaera, kuring ngagorowok "Eureun siah! Eureun…!" Mobil beureum kapaksa eureun. Kaca mobil nu narutup ku kuring digedoran bari terus gogorowokan "Turun…..! turun siah ….!"

Euweuh reaksi! Boh pamajikan boh si Ono hookeun, teu nyangka panggih jeung kuring. Ngabaretem, angger caricing dina mobil. Kuring terus gegedor, bari tetep gogorowokan. Rob jelema ngurilingan kuring, jeung mobil, bari tatanya aya naon aya naon.

Lila-lila pamajikan kaluar, si Ono mah boro katurun, kalah langsung ngadius kabur jeung mobilna. Sieuneun meureun…..

Teu kawawa kuring ilang kasabaran, ngan gampleng-gampleng we pamajikan ku kuring ditampilingan. Beuki lila jelema rea ngalalajoanan. Aya nu ngahalangan kuring… Geus poho di kaera, padahal di lebah dinya nu kabeneran deukeut kantor KONI teh loba pisan jelema nu arapaleun ka kuring, da kuring salah sahiji pengurusna.

Jelema pating harewos, karasana ku kuring…. bangun nu ngera-ngera.

Satarikna leungeun pamajikan dijewang, dibetot dibawa kana motor, Dius ngebut sakalumpat-lampet muru imah…

*

"Na sia teh rek kamana, rek nanahaon bareng jeung Si Ono?" teu tahan ku napsu kuring ngacacang deui wae di imah. Pasea rongkah antara kuring jeung pamajikan. "Aing rek ka Cilonggan!", teu kurang garihal nembal bari sarua ngagorowok.

Pas kembang keramik dibabetkeun ku manehna bari terus noroweco, ngaluarkeun ngaran-ngaran sasatoan jeung jurig jarian.

Beuki napsu "Sia, budak olol leho ge nyaho, rek ka Cilonggan mah lain kadinya jalan, kudu ku ojeg, jeung barina naha make jeung si Ono!" "Nu bener siah, rek kamana?" ceuk kuring.

Lir gelap ngajeleger nompo na ceuli ….. , pokna "Heueuh, sia bener, aing rek ka Cipanas, rek ngadon sare jeung kabogoh aing si Ono!" "Naon perluna sia tatanya teuing?" Gusti nu Agung, beuki garihal jeung jauh ti pantes, pamajikan kuring ngajawab bari tutunjuk, ngabedega.

Sajongjongan kuring teu wasa engab, teu wasa ngarenghap-renghap acan, …! Teu percaya kana dedengean, pangakuan hiji awewe nu teu diwengku, euweuh kaera, agul kana gawe bejad nu dilakukeunnana…..!

Kalapa bijil ti cungap. Bari poporongos manehna mukakeun deui pangakuan gelona: "Dengekeun ku sia bebenguk, yeuh sabenerna aing geus bobogohan jeung si Ono teh tujuh taun!" Siga nu hayang puas manehna neruskeun, "Dengekeun ku sia, saksian ku sia kabeh, barudak, aing geus kikieuan teh tujuh taun".

"Bapa sia we nu bodo, teu hayang nyaho" , "Mun sia jeung bapa sia teu suka, titah bapa sia nyerenkeun aing ka aki sia!".

Harita barudak kuring nu tilu, nu keur mareujeuhna, aya kabeh. Kabeh olohok mata simeuteun. Teu percaya kana omongan indungna, Kabeh cicing. Teu ngomong sakemek-kemek acan.

Ngan sajongjongan… beretek si cikal lumpat ka kamar bari ceurik. Gebrug mabetkeun panto. Guprak…. kadenge siga nu meubeutkeun maneh kana kasur.

Ngageunggeuikna jeung jumeritna anak kuring nambahan ngucurna geutih tina gudawangna raheut hate kuring.

Deudeuh anaking ….. Kuring ngan sanggup ngusap dada. Teu kabayang rek ngadenge pangakuan nu sakitu pikanyerieun katampana ku kuring, jeung tangtuna ku barudak. Leuwih ti dibentar gelap teh jeung enyana.

Bener, kuring sering nampa carita ti batur ngeunaan kalakuan indungna barudak teh. Tapi kuring sabenerna mah teu hayang pisan naon-naon nu dicaritakeun ku batur teh nyata. Anak-anak kuring keur mareujeuhna. Komo si cikal keur meujeuhna mangkak rumaja. Tada teuing erana boga indung kitu peta.

Dor-dar papaseaan kuring jeung indungna barudak nerus tepi kapeuting. Nepi ka kakorek yen manehna ngalakukeun kitu teh lain saukur jeung hiji lalaki. Lain ngan ukur jeung si Ono. Aya jeung pulisi, jeung pagawe Pemda, jeung …ah.. loba-loba deui. Teu sudi ngedenge jeung nyaritakeuna ge. Era jeung asa ancur hate jeung harga diri kuring.

Singhoreng, gutak-gitekna senam teh ngan saukur gutak-gitekna cara ngabohongan kuring, mindingan kalakuan nirca nu hina, nu teu pantes dilakukeun ku jalma nu nyaho dibebeneran. Pantes atuh, meureun sakola penyetaraan D-2 na ampir-ampiran teu lulus, ngendog we nilai-nilai na teh. Horeng kuliah ge ukur alesan, da hanteu meureun datangna ka kelas mah.

Duh…Gusti….., mun kongang kenging ngumbar amarah, harita ku hayang ngadek ka mangkeluk nu ngaran Marni teh, guru kelas hiji SD, tokoh Posyandu di lembur kuring, nu cenah pamajikan kuring, Mantri Guru ngarangkep ketua RW nu ku batur dihalargaan. Geuning aslina mah teu beda ti lacur murahan, nu ngumbar napsu birahi jeung leuwih ti ka hiji lalaki.

*

Gunung Geulis, 150501


Blog EntrydongengAug 3, '05 5:08 AM
for everyone

Dina hiji mangsa aya hiji jajaka, Eta Jajaka teh kacida kasepna tur gandang, boga balad manuk cangkurileung ngaran manuk cangkurileungnateh Cingkleung. Keur kasep teh seueur nu bogoheun. Da teu kasep wungkul, hatena oge kasep. Seueur pisan nu palay dipigarwa ku eta jajaka teh. Tapi ceuk eta jajaka, 'Kaula loba nu micinta, tapi can aya nu cop kana hate' Cik pangneangankeun atuh..

Kakocapkeun, aya hiji wanoja nu matuh di lembur singkur. Nyi wanoja keur katalangsara, dinyenyeri ku lalaki. Nepi ka manehna ngucap 'Mun aing datang moal kadeuleu, mun aing datang moal katenjo. Memang aing bakal datang tapi ngan kanu geus rancage hatena, kanu weruh disemu. nu saestuna anu ngarti kana wangi nu sajati, nu surti lantip pikirna.. nu hade laku lampahna..'

Eta ucapan Nyi Mojang teh kadengeeun ku Cingkleung tea, nya atuh buru-buru si manuk teh hiber neangan jajaka.. Ngabejakeun yen aya nyi mojang di lembur singkur. 'Heug!' ceuk eta jajaka teh. 'Tungguan nyai.. akang rek ngajugjug ka lembur nyai..'

Sakali mangsa, si jajaka nepi ka lembur Nyi Mojang dibarengan ku si Cingkleung tea.. Manehna yakin si Cingkleung moal salah kana kahayang manehna. 'Moal mungkin si Cingkleung mere nyaho nu teu hade keur Kula', ceuk pikir eta jajaka. Nya si Cingkleung teh neangan nyi mojang nu kungsi katoong ku manehna keur ngucap jangjina tea. Nepi ka imahna nyi mojang, eta jajaka keketrok kana panto imahna. 'Sampurasun'.. ceuk jajaka. 'Rampes' jawab nyi mojang. 'Aeh gening, dupi salira teh saha?' Nyi mojang nanya ka eta jajaka..

Si nyai mata simeuteun ningali gandang jeung kasepna eta jajaka. Nepi ka ampir-ampiran kapiuhan.. Tapi geuwat sadar, yen manehna keur nyanghareupan tamu nu geus aya dihareupeunana. 'Kula keur neangan nu daek dipigarwa ku kula, Andika kersa?' ceuk eta jajaka, da gening si jajaka ge saprak ningali pasemon si nyai bet teg bae hatena 'Sigana ieu nu cocog keur kaula' ceuk hatena. Si nyai bati olohok. Jol unggeuk bae si nyai teh.. Tapi ceuk gerentes hatena.. 'Naha bener ieu jajaka teh hayang migarwa uing? Naha teu siga nu bareto nu geus ngakaya hate uing? Naha bener ieu lalaki teh bogoh ka uing? Naha moal nganyenyeri ka uing?....' masih keneh loba kecap naha dina hate si nyai. Tapi manehna mikir deui 'Naha uing bet jol-jol unggeuk bae? pan kakara ge panggih jeung ieu jalma teh? Naha uing kasihir? Naha? Naha?' Si nyai lieur nepi ka kapiuhanana.

Untung we kaburu katahan ku si jajaka. Buru-buru digolerkeun dina dipan. Si jajaka culang-cileung, 'na kamana jalma di ieu imah teh? naha euweuh sasaha?' kitu ceuk gerentesna. Kusabab kitu eta jajaka teh bingung. nya ngomong ka si Cingkleung, 'cik pangneangankeun naon wae nubisa ngahudangkeun nyi mojang.. sarupaning seuseungitan atawa babauan..!' si Cingkleung tuluy hiber.

Kacaritakeun di imah Nyi Mojang, eta jajaka bingung taya papadana.. naon nu kudu dipigawe sangkan nyi mojang hudang.. nya manehna ngadeukeutan nyi mojang, nelek-nelek kalayan tenget. 'Emh, gening geulis si Nyai teh.. geulis taya tandinganana.. sanajan basajan oge...' gerentesna. Asa-asa manehna rek nyokot leungeun nyi mojang, nya dicokot eta leungeun teh.. Ceuk hatena.. 'Nyai.. gugah atuh geulis.. gening Akang kadieu teh nyai mah bet kalahka kapiuhan?? Gusti, mun enya ieu pijodoeun Abdi.. sing disadarkeun enggal-enggal'.

Na alam pangimpian si Nyai.. Manehna ngarasa hiber.. hiber teuing kamana, asa-asa di taman sawarga.. keur kitu aya Nini-nini nyampeurkeun ka manehna. 'Geulis, tuturkeun papatah Ambu..' ceuk nini-nini eta nga-Ambukeun anjeun, 'Sing percaya ka Jajaka nu datang ka imah anjeun, sabab eta pijodoeun anjeun'

Nya nyi mojang teh unggeuk.. nepi ka les wae nini-nini teh ngaleungit. Nyi Mojang reuwaseun. 'Ambuuuu...! ambuuu...!' keur kokotetengan neangan nu leungit, ujug-ujug ... asa aya nu haneut ngusapan leungeunna... Bray panonna beunta, barang beunta digigireunana aya jajaka nu jadi tamuna tadi. Ras inget kana papatah nini-nini basa manehna kapiuhan tadi.. Belenyeh Nyi Mojang imut.. :) Eta Jajaka atoh naker ningali nyi mojang geus beunta.. 'Gusti, hatur nuhun..' 'Nyai, nyai teu kunanaon geulis?, kunaon nyai teh dugi ka kapiuhan kitu?' 'Ah, rada rarieut abdi teh Kang..' kitu ceuk si nyai. Jajaka asa dikabulkeun du'ana ku Gusti.. 'Bener sigana ieu pijodoeun Aing' kitu gerentes si Jajaka..

Teu kungsi lila, Cingkleung kakara nepi ka imah nyi mojang. nya si Cingkleung mikeun bawang meunang ngarabut da masih keneh aya akarna.. 'Teu kudu Cingkleung, da nyi Mojangna ge geus sadar'.. Nya teu diengkekeun deui, jajaka ngomong ka nyi mojang.. 'Nyai.. nyai kersa dipigarwa ku Akang?' ceuk si Nyai 'Kersa...' Belenyeh duanana pada-pada imut. Imut nu ngandung harti bagja taya papadana.. Si Cingkleung ge ngilu bungah, manehna gegeleberan ngurilingan nyi mojang jeung si Jajaka...


Blog Entrysajak sakaAug 2, '05 8:20 AM
for everyone

Keur naraon atuh,

simpe,

aya ge sora cak-cak... ck ck ck

jeung sora lampu neon ngagandengan,

oge sora kipas cpu...

emhh....


© 2008 Multiply, Inc.    About · Blog · Terms · Privacy · Corp Info · Contact Us · Help

Template design - Copyright © 2005 sonnenvogel.com All rights reserved.